Jumat, 02 November 2018

Tugas Bahasa sunda kelas 12 SMAN 1 PATOKBEUSI NGANALISIS CARITA WAYANG KITAB LAYANG JAMUS KALIMUSADA



 LAPORAN ANALISIS CARITA WAYANG
KITAB LAYANG JAMUS KALIMUSADA
 KELAS XII IPA 2
SMAN 1 PATOKBEUSI 
2018/2019


KELOMPOK 8 :   Ayu Yohana ( Ig: ayuyohana21 )
     Adelia Amanda
        Dede Rahmawati
  Khoerunnisa

























                                                                   DAPTAR EUSI                   

    PANGJAJAP .............................................................................................................................. I
         DAPTAR EUSI ..........................................................................................................................II

1.      BAB 1 BUBUKA
1.1 Kasang Tukang....................................................................................................................1
1.2 Maksad Kagiatan.................................................................................................................1

2.      BAB 2 PEDARAN CARITA WAYANG
2.1 Harti Carita Wayang............................................................................................................. 2
2.2 Ciri-ciri Carita Wayang.........................................................................................................2
2.3 Jenis-jenis Carita Wayang ....................................................................................................2
2.4 Istilah Carita Wayang ...........................................................................................................2

3.      BAB 3 LAPORAN KAGIATAN ANALISIS CARITA WAYANG KITAB LAYANG JAMUS KALIMUSADA
3.1 Parafase Carita Wayang .....................................................................................................3
3.2 Unsur Instrinsik Carita Wayang..........................................................................................4
           3.2.a Tema.................................................................................................................................4
3.2.b Judul.................................................................................................................................4
3.2.c Tokoh Jeung Parwatakan ................................................................................................4
3.2.d Galur................................................................................................................................4
3.2.e Latar ................................................................................................................................4
3.2.f Amanat.............................................................................................................................5

4. BAB 4 PANUTUP
4.1 Kacindekan...........................................................................................................................6
4.2 Saran.....................................................................................................................................6
5. BAB 5 DAFTAR PUSAKA............................................................................................................7


II
PANGJAJAP

          Puja sinareng syukur sumangga urang ronjatkeun ka Alloh, gusti nu miboga kaagungan. Nu parantos masihan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, oge waktos ka panyusun pikeun nyelesaikeun susunan makalah basa Sunda nu miboga judul “
Analisis Carita Wayang, nu judul na Kitab Layang Jamus Kalimusada Wayang Golek Asep Sunandar Suna”.
Teu hilap, panyusun oge ngucapkeun hatur nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong jeung ngabantosan dina panyusunan ieu makalah. Makalah basa sunda ngenaan “ Carita wayang” ieu teh ditujukeun pikeun ngahontal kompetensi dasar pangajaran basa sunda nu parantos didugikeun ku Guru Pangajaran Basa Sunda SMA Negeri 1 PATOKBEUSI.
             Panyusun oge miharep yen ieu makalah tiasa masihan sumbangsih elmu pangaweruh dina pangajaran basa sunda, boh pikeun siswa, guru, oge ka nu maos ieu makalah.Tangtos, dina susunan jeung eusi ieu makalah aya kakirangan jeung kalepatan. Ku kituna,kritik oge talatah nu sipatna tiasa ngalereskeun ieu makalah, panyusun piharep. Sangkan panyusun tiasa ngembangkeun leuwih alus tur sae deui elmu pangaweruh, utamina dina widang pangajaran basa Sunda.


















I
BAB 1
BUBUKA

1.     Kasang Tukang
           Wayang mangrupakeun kasenian, kabudayaan orang indonesia khusus na orang jawa jeung sunda. Wayang lumangsung turun temurun, ditilik tina carita na wayang sok nyaritakeun carita ramayana atawa mahabarata, sarta nyaritakeun tentang agama. Salajeung na funsgi pagelaran wayang teh pikeun saraana hiburan, nyebarkeun ajaran agama. Amanat dina carita wayang teh beda-beda kumaha tina judul carita wayang eta, tapi rata-rata amanat na ngandung pesen moral, sosial, kaagamaan jeung mamatahan dina lamangsung kumaha kahidupan. Ngan dina jaman kiwari, dijaman ayeuna pagelaran wayang  golek teh geus tara, geus jarang. Komo deui, carita carita wayang na. Kusabab kitu, carita wayang atanapi wayang golek teh kudu dilestraikeun da sabab eta mah kabudayaan

2.     Tujuan kagiatan

1.      Nyumponan tugas bahasa sunda
2.      Ngalastarikeun Carita Wayang, atanapi Wayang Golek












1
BAB 2
PEDARAN CARITA WAYANG

1.     Harti Carita Wayang
            Carita wayang nyaeta mangrupakeun karya sastra wangung lancaran atawa sok disebut oge prosa. Carita wayang kaasup jenis prosa buhun. Conto jenis prosa buhun lianna nyaeta saperti dongeng. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti carita pondook (carpon) jeung novel. Ngawayang nyaeta magelarkeun atawa ngalakonkeun carita wayang dibarengan ku gamelan

2.     Ciri – ciri Carita Wayang
1.      Carita nu aya dina carita wayang dumasar kana carita anu geus tetep, nyaeta carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna ti India anu mangrupakeun kitab suci umat Hindu. Di Indonesia, carita wayang geus kapangaruhan ku ajaran agama Islam jeung pangaruh carita lokal sejenna.
2.      Carita wayang, caritana bisa pondok atawa bisa oge panjang saperti novel atawa wawacan anu bisa dibaca nepi ka sapeupeuting atawa malahan bisa nepi ka mangpoe-poe.
3.      Palaku nu aya dina carita wayang, biasana mangrupa jalma, atawa dewa anu mangrupa jalma.
4.      Carita wayang dina sumebarna, umpamana di daerah Sunda, nyaeta ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung sacara tinulis mangrupa carpon, novel, dangding atawa wawacan. Carita wayang ditulis ku pangarang anu jelas anu biasana mangrupa tulisan fragmen atawa bagian-bagian anu dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna ti India.
5.      Eusi carita nu aya dina carita wayang sok siga carita nu aya dina dongeng, nyaeta dina caritana sok loba carita pamohalan atawa carita bohong, saperti aya jalma anu bisa ngapung, jeung sajabana.

3.     Jenis-jenis wayang                                                                     
1.      Wayang Gelung nyaritakeun lalakon ramayana jeung mahabarata
2.      Wayang Kilitik ( Krucil ) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Minakjingga jeung sajabana
3.      Wayang Potehi nyaritakeun lalkon ti negeri Cina
4.      Wayang Cepak nyaritakeun lalakon umar maya jeun rana
5.      Wayang Suluh nyaritakeun lalakon masyarakat sasapoena

4.     Istilah Carita Wayang
1.      Kakawen /kakawin :  lagu dina bahasa kawi
2.      Murwa                    :  Dalang ngamimitian ngawayang
3.      Nyandra                  :  Nataan  wayang nu keur dipaenkeun
4.      Garap                      : Cara ngigel / merangkeun wayang
5.      Antawacana            : Caritan Wayang                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                                             
                                                                               
                                              

2
BAB 3
             LAPORAN KAGIATAN ANALISIS CARITA WAYANG
                                 KITAB LAYANG KALIMUSADA

1.     Parafase Carita Wayang
                Di padepokan parewaran, Abiasa kadatangan Arjuna jeung Gatotkaca. Nu boga maksud naroskeun ka Abiasa, yen bener Kitab Layang Jamus Kalimusada kitab karajaan amarta teh leungit kusabab di copet ku si Cepot. Abiasa teh hente ngjawab, malahan si Gatotkca jeung Arjuna dititah naanyakeun kanu berhak, anu leuwih nyaho jeung leuwih ahlina, nyaeta Prabu Batara Kresna. Salajeung na Arjuna jeung Gatotkca mangkat ngamprokan Batara Kresna, ngan Gatotkaca mah ngemprokan helan ayahanda na nyaeta Bima anu sarua keur neangan si Cepot.
      Ngan nu nyokot kitab layang jamus kalimusada teh lain si cepot putrana semar tapi jelemaan nu nyarupaan Cepot. Pangna jelemaan eta nyokot kitab Layang Jamus Kalimusada teh, hayang ngamprokn, ngahijikeun para pajabat nagara jeung rakyat jeung rek nyampeken naon maksud ti butir Layang Jamus Kalimusada teh, nu salama ieu bertolak belakang jeung nilai-nilai na teh hente dimangfaatkeun, hente dipake tina kahirupan
       Arjun, Gatotkaca jeung Bima, jeung Kresna  ngusahakeun mawa balik kitab Layang Jamus Kalimusada ,nepi ka Bima oge gelut jeung jelemaan Cepot, Tapi usahana teh gagal. Ngan saukur Gatotkaca dititah mawa Cepot asli ti Tumaritis
      Salajeungna Gatotkaca jeung rombongan Cepot jeung Dawala rek mangkat ngamprokan Cepot Jelemaan, maraneh na sarerea amprok jeung Buta jeung Dewana nu boga Maksud nyulik si Cepot jeleman. Tapina Buta jeung Dewana teh eleh ku Cepot jelemaan. Saeunggeus eta datang Cepot asli, nu langsung molohok yen bener aya cepot deui nu sarua jeung maneh na. Teu lila datang Dawala adi na Cepot anu sarua molohok ninggali yen lanceuk na th aya 2 teras nanyakn ka Cepot jelemaan yen maneh na th bener nu nyokot Layang Jamus Kalimusada, pek teh di jawab heu’euh bener. Pek weh datang Gatotkaca, teras disusul ku Raksasa. Raksasa eta teh Batara Kala, jelemaan Prabu Yudistira raja di Karajaan Amarta. Maneh na th rek nyokot Layang Jamus Kalimusada ti Cepot jelemaan, tapi Cepot jelemaan merekeun Layang Jamus Kalimusada ngan kudu mere nyaho saha wujud aslina  Raksasa eta th, teras Cepot jelemaan mere papatah, pituah keur kaayaan nagara, kumaha kaayaan pamarentah jeung rakyat. Sanggeus eta wujud raksasa th robah jadi Prabu Yudistira nyaeta Raja di karajaan Amarta. Teras si Cepot Jelemaan teh robah jadi Sanghiyang Tunggal nyaeta Rama na Semar anu bapak na Cepot, Dawala jeung Gareng
       

                                              



3
2.     Unsur Instrinsik Carita Wayang

a.     Tema
            Medarkeun eusi kitab Nagara Amarta

b.     Judul
                Kitab Layang Jamus Kalimusada

c.      Tokoh Jeung Parwatakan
1.      Abiasa                                                         : Bijaksana, Ta’at ( Protagonis)
2.      Arjuna                                                          : Gede Ambeuk, bijaksana ,adil, jiwa satria
                                                                       ( Tritagonis )
3.      Gatotkaca                                                    : Bijaksana,adil, Gede ambeuk, jiwa satria
                                                                       (Tritagonis )
4.      Cepot (Sanghiyang Tunggal)                      : Jujur, Ta’at ( Protagonis )
5.      Cepot                                                          : tukang ngabanyol, jujur, bager ( Protagonis)
6.      Dawala                                                        : Satia maturan cepot ( Tritagonis )
7.      Buta                                                            : Antagonis
8.      Dewana                                                       : Antagonis
9.      Bima                                                            : Gede ambeuk, bijaksana, adil ( Tritagonis )
10.  Batara kala ( Jelemaan Prabu Yudistira )   : Gede ambeuk, Bijaksana, Adil ( Tritagonis )
11.  Kresna                                                         : Bijaksana, adil ( Protagonis)

d.     Galur
Tina carita ieu galur na teh maju
1.      Episode ka hiji                        : Arjuna sareng Gatotkaca nepungan Abiasa
2.      Episode ka dua           : Nyaritakeun Bima sareng Gatotkaca neangan si Cepot palsu di
                                      Leuweung Tibrasara
3.      Episode ka tilu                        : Arjuna jeung Prabu Batara Kresna ngamprokan si Cepot palsu
4.      Episode ka opat          : Nyaritakeun kumaha amprokna Cepot asli jeung Cepot Palsu
5.      Episode ka lima           : Nyaritekeun yen akhirna Kitab Layang Kalimusada teh diberekeun

e.       Latar
1.      Di padepokan parewaran
2.      Di leuweung Tibrasara






4
f.       Amanat

1.      Kitab Layang Jamus Kalimusada teh jakeur ngahijikeun bangsana, sukuna. Sanajan bari papisah, sanajan bari beda. Sabab, Bersatu teh bakal Tengguh Bercerai mah Runtuh kadituna. Mantak kudu nyaho kana informasi, kudu bisa maca, tina Tv, tina koran ambeh hente katinggaleun teuing informasi. Berita saeutik gedena bakal nambahan wawasan apal eusi nagara, jeung politik. Nagara jeung bangsa ieu teh ngabutuhkeun Sumber daya Manusa nu berkualitas
2.      Rupa-rupa kajadian pasti eta teh kedenge kuratusan jeung kujutaan kajadian. Sabab urang sarerea hiji waktu bakal pananggih jeung poe akhir anu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun ku nyawa nyaeta maot tea. Mantak ulah loba teuing kapangaruhan urusan dunya. Ngan, lain ulah di dunya. Da dunya mah kudu diteangan ku ikhtiar, ngan hate ulah berat teuing. Kudu Singer Tengger Hirup mah, dunya akheratpan lahir batin
3.      Dina nagara, bangsa. Rakyat jeung pamimpin ulah nepikeun patonggong tonggong, ulah pecah belah, sabab diadu domba kupihak ka tilu
4.      Mun hirup sewang sewangan lepas tina sabeungkeutan, moal panggih jeung kasenangan, pasti bakal panggih jeung kahancuran
5.      Nuluykeun perjuangan karuhun teh lain ngan saukur dipieling sataun sakali. Tapi sok teruskeun sanajan geus dina alam merdeka. Teruskeun, tembongkeun karya- karya anu terpuji, karya- karya anu nyieun prestasi bangsa














5
BAB 4
PANUTUP


1.     Kacindekan
    Jadi, dina mintonkeun wayang golek teh sok make carita wayang tina mahabarata atanapi ramayana. Dina Pagelaran wayang golek teh sok mere amanat, noh tina carita wayang na atanapi tina tokoh golek na . Wayang golek kabudayaan indonesia khususna orang sunda jeung jawa, nu kudu di lestarikeun di jaman ayeuna

2.     Saran
     Tinangtos dina nyusun ieu laporan  masih keneh seueur kakirangan margi rumaos si kuring sareng rerengan kelompok 8 sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana komentar sareng saran kanggo langkung saena dina nyusun makalah basa sunda.
















6
DAFTAR PUSTAKA



















7

Tidak ada komentar:

Posting Komentar